Ari jumlahna amil menurut ilmu nahwu
eta aya 100
Anu 100 dibagi dua bagian
1. Amil lafdzi
2. Amil ma’nawi
Amil lafdzi kabagi dua
1. Amil lafdzi sama-‘i
2. Amil lafdzi qiyasy
Amil lafdzi sama-‘I dina satengahna
100 kabagi 91 amil
Amil lafdzi qiyasy dina satengahna 100
eta kabagi kana 7 bagian amil
Jeung
ari amil ma’nawi dina satengahna
100 eta 2 bagian
*Amil lafdzi sama-‘I dibagi kana 13 bagian*
Ari amil lafdzi sama’-I anu kahiji
pirang-pirang kalimah huruf
Ngamalna : ngajeerkeun kana isim
wungkul.
Jumlah hurufna aya 19 huruf.
الباء ومن و الى و
في و عن و واوالقسم وباءالقسم وتاءالقسم واللام ورب وواوه وعلى والكاف ومذ ومنذ
وحتى وحاش وعدا وخلا
Warna ka dua kalimah huruf
Ngamalna : nganasobkeun kana
isimna, ngaropakeun kana hobarna
Jumlah hurufna aya 6 huruf
ان وان و كأن ولكن
وليت ولعل
Warna ka tilu kalimah huruf
Ngamalna : ngamalna ngarofa’ keun
kana isim na, nganasobkeun kana hobarna
Jumlah hurufna aya 2 huruf
ما و لا
Warna ka opat kalimah huruf
Ngamalna : nganasobkeun kana isim
wungkul
Jumlah hurufna aya 7 huruf
الواو والا ويا
وايا وهيا واي والهمزة
Warna ka lima kalimah huruf
Ngamalna : nganasobkeun kana fi’il
mudore’
Jumlah hurufna aya 4 huruf
ان ولن وكى واذن
Warna ka genep kalimah huruf
Ngamalna : ngajajmkeun kana fi’il
mudore’
Jumlah hurufna aya 5 huruf
أن ولم ولما
ولام امر ولا في النحي
Warna ka tujuh kalimah huruf
Ngamalna : ngajajmkeun kana fiil 2
anu mudore’ duanana atas ma’na إن
Jumlah hurufna aya 9 huruf
من وما و اي
ومتى ومهما واين وانى
Warna ka dalapan kalimah isim
Ngamalna : nganasobkeun kana isim nakiroh anu berdasarkeun tamyiz
Hartina tamyiz : kalimah isim anu
dinasobkeun macana karna tingkah anu samar
Jumlah hurufna aya 4
عشرة إذا ركبت
مع احد او إثنين إلى تسعة وتسعين وكم وكأيِّن وكذا
Warna ka salapan kalimah isim bima’na
amar fi’il
Ngamalna : aya anu nganasobkeun,
aya anu ngarofa’ keun
Jumlah hurufna aya 6 anu nganasobkeun,
رويد وبله ودونك
وعليك وهاء وجهلا
anu ngarofa’ keun aya 3
هيهات وشتان
وسرعان
Anu nganasobkeun ma’na na fi’il amar,
anu ngarofa’ keun ma’na na fi’il madi
Warna ka sapuluh kalimah fi’il nakis
Ngamalna : ngarofa’ keun kana
isim, nganasobkeun kana hobar
Jumlah hurufna aya 13 huruf
كان وصار واصبح وامسى واضحى وظل وبات ومازال وما
برح وما انفك وما دام وليس وما يتصرف منهن
Sareng barang anu narima ka tasrif ieu
tina kabeh barang
Warna ka sabelas kalimah fi’il
mukarobah
Ngamalna : ngarofa’ keun kana isim
na, nganasobkeun kana hobarna
Jumlahna 4 pirang-pirang fi’il
عسى وكاد واوسك
وكرب
Warna ka duabelas kalimah pangalem
jeung panyacad
Ngamalna : ngarofa’ keun kana isim
jenis (jumlah anu ditangtukeun)
Jeung di kalawan alif jeung lam
kungalem
Jeung nyacad di
Jumlahna aya 4
نعم وبئس وساء
وحبذا
Warna ka tilubelas kalimah fi’il syak
jeung fiil yaqin
Ngamalna : nganasobkeun kana dua kalimah isim halna anu ragem
Jumlah hurufna aya 7
حسبت وخلت وظننت
ورايت وعلمت ووجدت وزعمت
Ari amil lafdzi qiyasy tina satengahna
100 eta 7
1. Fi’il
Itlak
2. Isim
fa’il
3. Isim
maf’ul
4. Sifat
musabahah
5. Isim
masdar
6. Mudof
7. Isim
tam
Ari
amil ma’nawi tina satengahna 100 eta 2 bagian
1. Ibtida’ : ayana tina mubtada hobar
2. Tajarrud : ayana tina fi’il mudore’
Tidak ada komentar:
Posting Komentar